Naha Naraka téh Bener-Bener Aya? Kumaha Pandangan Alkitab?
Jawaban Alkitab
Sababaraha tarjamahan Alkitab basa Sunda ngagunakeun kecap ”naraka” dina sababaraha ayat. (Matius 5:29; Lukas 12:5, KITAB SUCI © LAI 1991 a) Siga nu ditunjukkeun ku gambar dina artikel ieu, loba jalma percaya yén naraka téh tempat jalma jahat bakal dihukum dina seuneu abadi. Tapi, naha enya Alkitab ngajarkeun hal éta?
Dina artikel ieu
Naha enya naraka téh tempatna jalma-jalma disiksa keur salilana?
Henteu. Kecap nu ditarjamahkeun jadi ”naraka” dina sababaraha tarjamahan Alkitab nu heubeul téh (Ibrani, ”Syéol”; Yunani, ”Hadés”) sabenerna ngamaksudkeun ”Kuburan”, tempat pikeun nguburkeun jalma-jalma nu geus maot. Ceuk Alkitab, jalma-jalma nu aya di ”Kuburan” téh geus euweuh nyawana.
Nu paéh mah geus teu nyaho naon-naon jeung teu ngarasakeun kanyeri. ”Da ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter.” (Pandita 9:10) Nu geus maot gé teu bisa ngarasakeun kanyeri deui. Alkitab nyebutkeun, ”Sawangsulna musuh anu kedah meunang era, sina rarepeh tarurun ka dunyana nu paraeh.”—Jabur 31:18; 115:17.
Allah geus nangtukeun yén jalma nu dosa téh bakal narima hukuman maot, lainna disiksa dina seuneu naraka. Allah ngajelaskeun ka manusa nu mimiti, nyaéta Adam, yén manéhna bakal maot lamun ngalanggar hukum Allah. (Kajadian 2:17) Allah teu nyebutkeun manéhna bakal disiksa salilana di naraka. Terus sanggeus Adam nyieun dosa, Allah nyebutkeun hukumanana, ”Ku sabab maneh dijieun teh tina taneuh, nya kudu balik deui ngajadi taneuh.” (Kajadian 3:19) Maksudna, Adam moal aya deui. Lamun Allah mémang rék ngahukum Adam dina seuneu naraka, Anjeunna pasti bakal méré nyaho heula saacanna. Hukuman Allah keur jalma-jalma nu ngalanggar hukum-Na teu barobah. Mangabad-abad sanggeus Adam nyieun dosa, Alkitab nyebutkeun, ”Upahna dosa téh maot.” (Roma 6:23) Sanggeus maot, jalma-jalma teu kudu dihukum deui lantaran ”ari geus maot mah jelema téh bébas tina dosana”.—Roma 6:7.
Teu pernah kapikir ku Allah pikeun nyiksa jalma salilana. (Yermia 32:35) Allah moal mungkin nyiksa manusa sabab ”Allah téh kanyaah”. (1 Yahya 4:8) Allah hayang urang ibadah ka Anjeunna lantaran urang nyaah ka Anjeunna, lain lantaran sieun disiksa.—Matius 22:36-38.
Jalma bageur gé ka naraka. Sababaraha tarjamahan Alkitab nu ngagunakeun kecap ”naraka” nunjukkeun yén jalma-jalma satia siga Yakub jeung Ayub gé asup ka naraka. (Kajadian 37:35; Ayub 14:13) Malahan, Isa Al-Masih gé disebutkeun aya di naraka sanggeus manéhna maot jeung saacan dihirupkeun deui. (Kisah 2:31, 32) Jadi jelas, kecap ”naraka” dina tarjamahan-tarjamahan Alkitab éta téh ngamaksudkeun Kuburan. b
Naon maksud carita Isa ngeunaan saurang lalaki beunghar jeung Lazarus?
Carita ieu téh dicatet dina Lukas 16:19-31. Isa ngagunakeun loba carita pikeun ngajar batur ngeunaan ahlak atawa bebeneran. Carita Isa ngeunaan saurang lalaki beunghar jeung Lazarus téh lain kisah nyata. (Matius 13:34) Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan carita ieu, mangga tingali artikel ”Saha Lalaki Beunghar jeung Lazarus téh?”
Naha naraka téh ngalambangkeun yén saurang jalma geus ngajauh ti Allah?
Henteu. Aya nu percaya yén jalma nu geus maot nyahoeun lamun manéhna geus jauh ti Allah. Éta teu cocog jeung pangajaran Alkitab. Ceuk Alkitab, nu geus maot mah teu nyaho naon-naon.—Jabur 146:3, 4; Pandita 9:5.
Naha aya nu pernah kaluar ti naraka?
Aya. Alkitab nyaritakeun kisah salapan jalma nu maot jeung aya di jero Kuburan (ditarjamahkeun jadi ”naraka” dina sababaraha Alkitab) tuluy dihirupkeun deui. c Lamun maranéhna mémang disiksa di naraka, pasti maranéhna bakal nyaritakeun kajadianana. Tapi, euweuh hiji-hiji acan ti antara maranéhna nu nyebutkeun geus disiksa atawa ngalaman hal séjénna basa maranéhna maot. Ku naon? Luyu jeung nu diajarkeun ku Alkitab, waktu maot téh maranéhna teu nyaho naon-naon, saolah-olah siga nu ”keur saré” tibra.—Yahya 11:11-14; 1 Korintus 15:3-6.
a Kalolobaan Alkitab basa Inggris teu ngagunakeun kecap ”naraka” dina Kisah 2:27, 31. Sababaraha tarjamahan ngagunakeun kecap ”kuburan” (New Century Version) atawa ”dunyana anu maraot” (New International Version). Tarjamahan séjén maké kecap asli Yunanina nyaéta ”Hadés.” (Holman Christian Standard Bible, NET Bible, New American Standard Bible, English Standard Version) Dina Alkitab basa Sunda, kekecapan nu digunakeun téh nyaéta ”dunya anu maraot” (KITAB SUCI © LAI 1991) jeung alam maot (Alkitab Sunda Formal).
b Tingali kotak ” Kekecapan tina Alkitab dina Basa Aslina”.