1 Yahya 4:1-21

  • Nguji kekecapan nu kacirina ti Allah (1-6)

  • Kenal jeung nyaah ka Allah (7-21)

    • ”Allah téh kanyaah” (8,16)

    • Kanyaah ngusir kasieun (18)

4  Dulur-dulur nu dipikanyaah, ulah percaya kana unggal kekecapan* nu kacirina ti Allah. Uji heula bener teu éta téh asalna ti Anjeunna, sabab ayeuna téh geus loba nabi palsu di dunya. 2  Kieu carana nyaho kekecapan éta téh ti Allah atawa lain: Unggal kekecapan nu nyebutkeun yén Isa Al-Masih geus datang ka dunya jadi manusa, éta téh asalna ti Allah. 3  Ari unggal kekecapan nu teu nyebutkeun kitu ngeunaan Isa, éta téh asalna lain ti Allah, tapi kekecapanana musuh Al-Masih.* Aranjeun geus ngadéngé bakal aya nu kitu, malah ayeuna éta geus aya di dunya. 4  Anaking, aranjeun téh asalna ti Allah, jeung aranjeun geus ngéléhkeun nabi-nabi palsu, sabab nu ngahiji jeung aranjeun leuwih kuat tibatan nu ngahiji jeung dunya ieu. 5  Maranéhna asalna ti dunya, éta sababna nu diomongkeunana téh hal-hal dunya, jeung dunya ngadéngékeun maranéhna. 6  Urang mah asalna ti Allah. Saha waé nu kenal ka Allah ngadéngékeun urang, tapi saha waé nu asalna lain ti Allah moal ngadéngékeun urang. Kitu carana ngabédakeun kekecapan nu bener jeung kekecapan nu salah. 7  Dulur-dulur nu dipikanyaah, hayu urang terus silih pikanyaah, sabab kanyaah asalna ti Allah. Jalma nu nyaah ka sasama téh anak Allah jeung kenal ka Allah. 8  Saha waé nu teu nyaah ka sasama, teu kenal ka Allah sabab Allah téh kanyaah. 9  Kieu carana Allah némbongkeun kanyaah-Na ka urang: Allah ngutus Putra hiji-hijina ka dunya, ngarah ku jalan manéhna urang bisa meunangkeun hirup. 10  Allah ngutus putra-Na jadi korban nu mupus dosa-dosa urang ngarah urang rukun deui jeung Anjeunna. Ieu téh lain lantaran urang nyaah ka Anjeunna, tapi Anjeunna nu nyaah ka urang. 11  Dulur-dulur nu dipikanyaah, lamun kitu carana Allah mikanyaah urang, nya urang gé wajib silih pikanyaah. 12  Can aya nu pernah ningali Allah. Tapi lamun urang terus silih pikanyaah, Allah tetep babarengan jeung urang sarta kanyaah-Na jadi sampurna di antara urang. 13  Urang nyaho yén urang tetep ngahiji jeung Anjeunna sarta Anjeunna ngahiji jeung urang téh lantaran Anjeunna geus méré kawasa suci-Na ka urang. 14  Salian ti éta, urang-urang geus ningali jeung méré kasaksian yén Bapa geus ngutus Putra-Na jadi jurusalamet dunya. 15  Saha waé nu ngakukeun yén Isa téh Putra Allah, manéhna ngahiji jeung Allah sarta Allah tetep ngahiji jeung manéhna. 16  Urang apal jeung percaya yén Allah téh nyaah ka urang. Allah téh kanyaah. Jalma nu terus mikanyaah tetep ngahiji jeung Allah sarta Allah tetep ngahiji jeung manéhna. 17  Ku cara kitu, kanyaah geus jadi sampurna di antara urang. Urang gé jadi teu asa-asa ngomong* dina poé pangadilan, ku lantaran urang nu aya di dunya ieu sarua siga Isa Al-Masih. 18  Kasieun téh panghalang keur urang. Tapi jalma nu nyaah ka Allah moal boga kasieun lantaran kanyaah nu sampurna ngusir kasieun. Jalma nu boga kasieun mah kanyaahna can sampurna. 19  Urang mikanyaah téh lantaran Allah miheulaan nyaah ka urang. 20  Lamun aya nu ngomong, ”Urang nyaah ka Allah,” tapi ngéwa ka dulurna, manéhna téh tukang bohong. Jalma nu teu nyaah ka dulurna nu katempo moal bisa nyaah ka Allah nu teu katempo. 21  Urang kabéh geus dibéré paréntah ieu ku Anjeunna: Jalma nu nyaah ka Allah kudu nyaah ogé ka dulurna.

Catetan Tambihan

As. ”roh”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”antikristus”.
Atawa ”jadi boga kayakinan”.