Kajadian 45:1-28
45 Ngadéngé kitu, Yusuf teu bisa nahan parasaanana deui. Manéhna nitah para palayanna, ”Kalaluar kabéh!” Waktu ngan aya adi lanceukna hungkul, Yusuf ngungkabkeun saha manéhna téh.
2 Segruk manéhna ceurik meni tarik, nepi ka kadéngé ku urang Mesir jeung saeusi imah Firaun.
3 Ahirna, Yusuf ngomong ka adi lanceukna, ”Urang téh Yusuf. Ari si Bapa aya kénéh?” Tapi maranéhna ngadon caricing bakating ku reuwas.
4 Jadi Yusuf ngomong ka maranéhna, ”Sok ka darieu atuh.” Ku kituna, maranéhna ngadeukeutan Yusuf.
Tuluy ceuk Yusuf, ”Urang téh Yusuf adi maranéh nu dijual ka Mesir.
5 Geus ayeuna mah ulah hariwang jeung teu kudu silih salahkeun lantaran geus ngajual urang ka dieu. Allah nu ngutus urang ti heula ka dieu supaya bisa nyalametkeun hirup maranéh.
6 Ieu téh kakara taun kadua kalaparan, masih aya kénéh lima taun deui, moal aya nu bisa ngawuluku* atawa manén.
7 Éta sababna, Allah ngutus urang ti heula ngarah bisa nyalametkeun maranéh ku cara nu luar biasa, sarta ngarah turunan maranéh tetep aya di bumi.*
8 Jadi urang aya di dieu téh lain lantaran maranéh, tapi lantaran diutus ku Allah nu bener, supaya urang dilantik jadi panaséhat utama* Firaun, jadi pangawasa istanana, sarta jadi pangawasa sakuliah Mesir.
9 ”Sok geura balik ka si Bapa, tepikeun pesen ti urang, ’Allah geus ngalantik anak Bapa jadi pangawasa sakuliah Mesir. Énggal ka dieu, ulah ngaengké-engké.
10 Supaya caket sareng abdi, Bapa bisa matuh di tanah Gosyén bareng jeung anak incu Bapa, sakabéh ingon-ingon, jeung sagala pangaboga Bapa.
11 Abdi bakal nyadiakeun tuangeun kanggo Bapa, rumah tangga Bapa, sarta sagala milik Bapa supaya Bapa teu kalaparan sarta supaya sagala milik Bapa henteu béak, da kalaparan ieu téh masih lima taun deui.’
12 Maranéh jeung Bényamin adi urang ningali sorangan, nu ngomong ka maranéh téh mémang urang.
13 Sok caritakeun ka si Bapa ngeunaan kakawasaan urang di Mesir jeung sagala nu ditingali ku maranéh. Gancang bawa si Bapa ka dieu.”
14 Gabrug Yusuf nangkeup Bényamin adina tuluy ceurik, Bényamin gé ceurik bari ngarangkul Yusuf.
15 Terus Yusuf nyium lanceuk-lanceukna jeung nangkeup maranéhna bari ceurik. Geus kitu, maranéhna ngobrol.
16 Béja ngeunaan datangna dulur-dulur Yusuf kadéngé ka istana Firaun. Ngadéngé béja éta, Firaun jeung hamba-hambana aratoheun.
17 Jadi Firaun ngomong ka Yusuf, ”Béjaan dulur-dulur manéh supaya ngamuatan sasatoan maranéhna ku dahareun, tuluy balik ka tanah Kanaan.
18 Sok bawa ka dieu bapa manéh jeung kulawarga manéh. Engké ku urang rék dibéré barang-barang alus ti Mesir. Maranéhna gé bakal ngadahar* hasil tanah nu pangalusna* di nagri ieu.
19 Paréntahkeun ogé maranéhna sina mawa karéta-karéta ti Mesir. Anak pamajikan maranéhna jeung si Bapa sina numpak éta ka dieu.
20 Maranéhna teu kudu mikiran barang-barangna, da barang-barang nu aralus di sakuliah Mesir téh milik maranéhna.”
21 Éta dilaksanakeun ku anak-anak lalaki Israél, sarta sakumaha paréntah Firaun, Yusuf méré karéta-karéta jeung bekel keur maranéhna di perjalanan.
22 Maranéhna masing-masing dibéré baju anyar hiji éwang, tapi Bényamin mah dibéré 300 duit pérak jeung lima baju anyar.
23 Ari keur bapana, Yusuf ngirim sapuluh kaldé nu ngakut barang-barang alus ti Mesir, sarta sapuluh kaldé bikang nu ngakut gandum, roti, jeung dahareun séjénna keur bekel bapana di perjalanan.
24 Jadi, manéhna nganteur dulur-dulurna indit, tuluy ngomong kieu, ”Kadé engké di jalan, ulah paraséa nya.”
25 Geus kitu, maranéhna indit ti Mesir tuluy nepi di tanah Kanaan sarta panggih jeung Yakub bapana.
26 Maranéhna ngabéjaan kieu, ”Yusuf hirup kénéh, ayeuna manéhna jadi pangawasa di sakuliah Mesir!” Tapi Yakub teu ngomong nanaon, da teu percayaeun kana omongan maranéhna.
27 Sanggeus ngadéngé sakabéh pesen Yusuf nu ditepikeun ku maranéhna, sarta ningali karéta-karéta nu dikirim ku Yusuf keur ngajemput manéhna, Yakub sumanget deui.
28 Ceuk Israél, ”Ayeuna Bapa percaya! Yusuf anak Bapa hirup kénéh! Saacan maot, Bapa kudu indit manggihan manéhna!”
Catetan Tambihan
^ Ngaguar taneuh maké wuluku.
^ Atawa ”di nagri ieu”.
^ As. ”jadi bapa”.
^ Atawa ”hirup ti”.
^ Atawa ”nu aya gajihna”.