Nu Ditulis ku Lukas 8:1-56

  • Para awéwé nu milu jeung Isa (1-3)

  • Ibarat ngeunaan nu nebar binih (4-8)

  • Alesan Isa maké ibarat (9, 10)

  • Ibarat ngeunaan nu nebar binih dijelaskeun (11-15)

  • Lampu moal dituruban (16-18)

  • Indung jeung dulur-dulur Isa (19-21)

  • Isa ngeureunkeun angin ribut (22-25)

  • Isa nitah roh-roh jahat nyurup ka babi (26-39)

  • Budak awéwéna Yairus; saurang awéwé nyabak tungtung baju luar Isa (40-56)

8  Teu lila ti harita, Isa ngideran kota-kota jeung kampung-kampung pikeun ngawawar jeung nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah. Nu marilu téh 12 rasul 2  jeung awéwé-awéwé nu dicalageurkeun tina panyakitna sarta tina kasurupan ku roh jahat, nyaéta Maryam nu disebut Magdaléna, nu tadina kasurupan ku tujuh roh jahat, 3  Yohana pamajikanana pangawas istana Hérodés nu ngaranna Khuza, Susana, jeung loba awéwé séjén. Maranéhna téh ngalalayanan Isa jeung para rasul ku harta bandana. 4  Basa jalma-jalma ngumpul bareng jeung rombongan Isa nu milu ngideran kota-kota, Isa ngajar maranéhna maké ibarat: 5  ”Aya patani nu keur nebarkeun binih. Pas keur nebar, aya binih nu ragrag di sisi jalan, ditincakan ku jelema, jeung dipacokan ku manuk nepi ka béak. 6  Aya ogé nu ragrag dina batu, sanggeus jadi, binihna garing lantaran teu meunang cai. 7  Binih séjénna ragrag di antara rungkun cucuk, tuluy kagencét ku rungkun cucuk nu jadi bareng jeung éta binih. 8  Tapi nu séjénna ragrag kana taneuh nu subur, binihna jadi, tuluy baruahan nepi ka 100 kalieun.” Sanggeus nyaritakeun hal ieu, manéhna ngomong ku sora nu tarik, ”Nu baroga ceuli, pék déngékeun bener-bener.” 9  Tapi, murid-murid nanya ka Isa naon hartina ibarat éta. 10  Ceuk manéhna, ”Maranéh mah geus dibéré kurnia pikeun ngarti rasiah suci ngeunaan Pamaréntahan Allah, tapi nu séjén mah ngan ngadéngé ibaratna hungkul. Jadi sanajan ningali, maranéhna teu ngarti, jeung sanajan ngadéngé, maranéhna teu paham naon hartina. 11  Ieu harti ibaratna téh: Binih nyaéta warta ti Allah. 12  Taneuh di sisi jalan tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu daék ngadéngékeun. Tapi, Iblis datang nyokot warta nu aya dina haténa supaya maranéhna teu percaya jeung teu disalametkeun. 13  Batu tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu ngadéngé warta éta, bungah narimana, tapi wartana teu akaran. Maranéhna percaya, tapi ngan sakeudeung. Waktu aya dodoja, maranéhna teu percaya deui. 14  Ari rungkun cucuk tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu daék ngadéngékeun, tapi disimpangkeun ku kahariwangan, kabeungharan, jeung kasenangan hirup. Warta éta jadi kagencét jeung teu ngahasilkeun buah nu asak. 15  Ari taneuh nu subur tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu ngadéngé warta éta ku haté nu hadé. Wartana nyerep tuluy ngahasilkeun buah bari tabah nyanghareupan masalah. 16  ”Euweuh jalma nu nyeungeut lampu tuluy dituruban ku wadah atawa diteundeun di kolong kasur, tapi diteundeun di tempat nu luhur ngarah nu asup ka rohangan bisa kacaangan. 17  Sabab naon nu disumput-sumputkeun bakal katémbong, jeung naon nu ditutup rapet bakal kabuka jeung kanyahoan. 18  Ku kituna, déngékeun bener-bener, sabab saha waé nu geus boga bakal ditambahan, tapi saha waé nu teu boga, malah hal-hal nu disangka milikna gé bakal dicokot.” 19  Indung jeung dulur-dulurna Isa datang, tapi teu bisa nyampeurkeun da kahalangan ku jalma réa. 20  Jadi, aya nu ngabéjaan manéhna, ”Itu aya indung jeung dulur keur ngadagoan di luar, hayang panggih.” 21  Isa ngomong ka maranéhna, ”Indung jeung dulur-dulur urang téh jalma-jalma ieu, nu ngadéngékeun firman Allah jeung ngalampahkeunana.” 22  Hiji poé, Isa jeung murid-muridna naék kana parahu, tuluy manéhna ngomong, ”Hayu urang meuntas ka beulah ditu.” Jadi, maranéhna balayar. 23  Pas keur balayar, manéhna saré. Ari pék téh aya angin ribut ngamuk di éta situ, parahuna kaeusian ku cai, téréh tilelep. 24  Jadi, murid-muridna nyampeurkeun jeung ngahudangkeun manéhna, ”Guru, Guru, urang téréh paéh!” Tuluy, manéhna hudang, nyentak angin jeung cai nu ngamuk. Rep angin ribut téh eureun, jeung kaayaanana jadi tenang. 25  Tuluy manéhna ngomong, ”Naha bet teu baroga iman?” Maranéhna sarieuneun jeung arolohokeun, sarta pada ngomong kieu, ”Saha sabenerna manéhna téh, nepi ka angin jeung cai gé nurut kana paréntahna?” 26  Geus kitu, maranéhna balabuh ka daérah urang Gérasa, di peuntaseun Galiléa. 27  Pas turun ka darat, manéhna didatangan ku jalma nu kasurupan nu asalna ti kota deukeut dinya. Geus lila jelema éta teu dibaju, jeung cicingna téh lain di imah, tapi di antara makam-makam. 28  Pas ningali Isa, manéhna ngajerit tuluy sujud di hareupeun Isa. Geus kitu manéhna ngagorowok, ”Rék naon manéh ka dieu, Isa, Putra ti Allah Nu Maha Agung? Urang ménta, urang ulah disiksa.” 29  (Sabab Isa nitah roh jahat éta kaluar ti jalma éta. Roh éta geus sering nyurup ka* manéhna. Ku jalma-jalma, manéhna sok dijagaan bari jeung suku sarta leungeunna sering diranté, tapi éta dipegat-pegatkeun. Manéhna gé osok dibawa ku roh jahat éta ka tempat-tempat nu sepi.) 30  Terus, ku Isa ditanya, ”Saha ngaran manéh?” Dijawabna, ”Légiun,”* sabab roh jahat nu nyurup ka manéhna téh aya loba. 31  Maranéhna terus méménta ka Isa supaya teu digebruskeun ka lombang nu kacida jerona.* 32  Harita, aya loba pisan babi nu keur nyaratu di gunung. Jadi, roh-roh jahat éta méménta supaya diidinan nyurup ka babi-babi éta. Ku Isa diidinan. 33  Éta roh-roh jahat kalaluar, seug nyarurup ka babi-babi. Geus kitu, babi-babina ngabalecir ka sisi gawir, ngarajleng ka situ, kabéh tingkerelep. 34  Waktu tukang ngangonna ningali kajadian éta, maranéhna kalabur ka kota jeung ka daérah sakurilingna ngalaporkeun hal éta. 35  Jalma-jalma kalaluar rék ningali kajadian éta. Waktu maranéhna manggihan Isa, katingali jalma nu tadina kasurupan téa geus dibaju, geus waras, jeung keur diuk deukeut suku Isa. Maranéhna jadi sarieuneun. 36  Jalma-jalma nu nyaraksian gé nyaritakeun ka maranéhna kumaha jalma nu kasurupan éta dicageurkeun. 37  Geus kitu, loba jalma ti daérah urang Gérasa ménta Isa indit ti dinya, lantaran maranéhna kasieunan pisan. Jadi, Isa naék parahu ninggalkeun tempat éta. 38  Jalma nu tadina kasurupan roh jahat téa teterusan ménta supaya bisa milu jeung Isa, tapi ku Isa dititah indit. Ceuk Isa, 39  ”Balik wéh. Béjaan kabéh jalma sagala nu geus dilakukeun ku Allah ka manéh.” Jadi, manéhna indit jeung nguar-nguarkeun ka sakuliah kota sagala nu dilakukeun ku Isa ka manéhna. 40  Pas Isa balik deui ka daérah Galiléa, jalma-jalma barungaheun pisan lantaran manéhna geus diarep-arep. 41  Jol datang saurang lalaki nu ngaranna Yairus, manéhna téh kapala tempat ibadah. Bruk manéhna sujud di hareupeunana jeung méménta supaya Isa datang ka imahna, 42  lantaran budak awéwé hiji-hijina, nu umurna kira-kira 12 taun, keur sakarat. Pas Isa keur leumpang, jalma réa pasedek-sedek nuturkeun manéhna. 43  Aya awéwé nu geus 12 taun ngagetih, jeung euweuh nu bisa ngubaran manéhna. 44  Manéhna ngadeukeutan Isa ti tukang tuluy nyabak tungtung baju luar Isa. Set ngagetihna eureun. 45  Tuluy Isa ngomong, ”Saha nu nyabak urang?” Waktu euweuh nu ngaku, Pétrus ngomong, ”Pan Guru keur dirubung ku jalma réa nu pasedek-sedek.” 46  Tapi ceuk Isa, ”Aya nu nyabak, sabab karasa aya kawasa nu kaluar ti urang.” 47  Ngarasa geus kanyahoan, awéwé éta nyampeurkeun Isa bari ngadégdég tuluy sideku di hareupeunana. Manéhna nerangkeun di hareupeun kabéh jalma ku naon manéhna nyabak Isa jeung kumaha manéhna langsung cageur. 48  Tapi Isa ngomong, ”Néng, Enéng cageur téh lantaran boga iman. Jung indit, ulah hariwang.” 49  Basa Isa keur ngomong kénéh, datang saurang utusan ti imahna Yairus ngomong kieu, ”Budak téh geus maot. Geus, teu kudu ngarérépot Guru deui.” 50  Ngadéngé kitu, Isa ngomong ka Yairus, ”Ulah hariwang, percaya wéh, budak téh bakal salamet.” 51  Basa Isa nepi ka imahna Yairus, nu diidinan asup ku Isa téh ngan Pétrus, Yahya, Yakobus, jeung indung bapana budak éta. 52  Tapi, kabéh nu aya di dinya téh keur careurik jeung neunggeulan diri sorangan bakating ku sedih. Jadi ceuk Isa, ”Ulah ceurik deui, budak téh lain maot, tapi keur saré.” 53  Jalma-jalma ngadon nyaleungseurikeun manéhna lantaran nyaho budak éta téh geus maot. 54  Tapi, Isa nyekel leungeun budak éta tuluy ngomong, ”Néng, geura hudang!” 55  Geus kitu, budak éta hirup deui* jeung langsung hudang. Terus, manéhna nitah budak éta dibéré dahar. 56  Atuh puguh indung bapana bungah pisan. Tapi, Isa ngalarang maranéhna bébéja ka sasaha ngeunaan kajadian ieu.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi, ”geus lila ngawasaan”.
Yunani: abyssos. Tingali Daptar Istilah.
As. ”roh budak éta balik deui”. Tingali ”Roh” dina Daptar Istilah.