Nu Ditulis ku Matius 13:1-58

  • IBARAT NGEUNAAN PAMARÉNTAHAN (1-52)

    • Nu nebar binih (1-9)

    • Alesan Isa maké ibarat (10-17)

    • Ibarat ngeunaan nu nebar binih dijelaskeun (18-23)

    • Gandum jeung eurih (24-30)

    • Siki sasawi jeung ragi (31-33)

    • Isa maké ibarat geus diramalkeun (34, 35)

    • Ibarat gandum jeung eurih dijelaskeun (36-43)

    • Harta nu kakubur jeung mutiara nu alus (44-46)

    • Jaring gedé (47-50)

    • Sisimpenan anyar jeung heubeul (51, 52)

  • Isa ditolak di daérah asalna (53-58)

13  Poé éta, Isa indit ti imah tuluy diuk di sisi situ. 2  Burudul jalma-jalma nyalampeurkeun Isa, jadi manéhna naék ka parahu jeung diuk di dinya. Ari jalma-jalma mah narangtung di basisir. 3  Geus kitu, manéhna ngajar loba hal maké ibarat. Ceuk manéhna, ”Aya patani nu keur nebarkeun binih. 4  Pas keur nebar, aya binih nu ragrag di sisi jalan. Tuluy manuk daratang, maracokan éta binih nepi ka béak. 5  Aya ogé nu ragragna dina taneuh nu batuan. Lantaran taneuhna ngan saeutik, binihna gancang jadi. 6  Tapi barang kasebrot ku panonpoé, éta garing lantaran teu akaran. 7  Binih séjénna ragrag di antara rungkun cucuk, tuluy kagencét ku rungkun cucuk nu ngagedéan. 8  Tapi aya ogé anu ragrag kana taneuh nu subur. Jadina alus jeung baruahan, aya nu 100 kalieun, 60 kalieun, jeung 30 kalieun. 9  Nu baroga ceuli, pék déngékeun bener-bener.” 10  Jol murid-muridna daratang jeung nanya, ”Ku naon bet ngajar maranéhna maké ibarat?” 11  Isa ngajawab, ”Maranéh geus dibéré kurnia pikeun ngarti rasiah suci ngeunaan Pamaréntahan sorga, tapi maranéhna mah henteu dibéré. 12  Saha waé nu geus boga bakal ditambahan nepi ka manéhna boga loba pisan. Sabalikna, saha waé nu teu boga, nu dipibogana gé bakal dicokot. 13  Éta sababna urang ngajar maké ibarat. Maranéhna téh ongkoh ningali tapi teu merhatikeun, ongkoh ngadéngé tapi teu ngarti, maranéhna gé teu paham naon hartina. 14  Ku kituna, ramalan Yésaya laksana ka maranéhna, nyaéta, ’Maranéh mémang ngadéngé tapi teu paham, maranéh mémang ningali tapi teu ngarti. 15  Haté bangsa ieu geus baal. Maranéhna ngadéngé tapi teu nurut, baroga panon tapi dipeureum-peureumkeun jadi teu bisa ningali nanaon, baroga ceuli tapi ditutupan jadi teu bisa ngadéngé nanaon. Balukarna maranéhna teu ngarti naon nu kudu dilakukeun, jeung moal balik ka Kuring tuluy dicageurkeun.’ 16  ”Tapi, bagja maranéh mah! Panon narénjo, ceuli ngadaréngé. 17  Sing percaya, loba nabi jeung jalma bener kacida hayangna ningali naon nu ditingali ku maranéh, jeung ngadéngé naon nu didéngé ku maranéh, tapi teu bisa. 18  ”Ayeuna, déngékeun naon hartina ibarat ngeunaan patani nu nebar binih. 19  Taneuh di sisi jalan tempat ragragna binih téh nyaéta jalma nu ngadéngé warta ngeunaan Pamaréntahan Allah tapi teu ngartieun, terus si jahat* datang jeung ngarampas naon nu geus ditebar dina haténa. 20  Taneuh nu batuan tempat ragragna binih téh nyaéta jalma nu ngadéngé warta éta jeung langsung bungah narimana, 21  tapi teu tahan lila lantaran wartana teu akaran dina haténa. Pas aya masalah atawa panganiayaan lantaran ngajalankeun warta éta, manéhna langsung teu percaya deui. 22  Rungkun cucuk tempat ragragna binih téh nyaéta jalma nu ngadéngé warta éta, tapi wartana kagencét nepi teu buahan. Éta téh lantaran manéhna hariwang kana hirupna* jeung katipu ku kabeungharan. 23  Tapi, taneuh nu subur tempat ragragna binih téh nyaéta jalma nu ngadéngé warta éta jeung paham kana hartina. Manéhna ngahasilkeun loba buah, aya nu 100 kalieun, 60 kalieun, nu séjénna 30 kalieun.” 24  Manéhna nyaritakeun deui ibarat séjén, ”Pamaréntahan sorga téh saupama jalma nu nebarkeun binih gandum* di ladangna. 25  Pas jalma-jalma keur sararé, musuhna datang ngawurkeun binih eurih di ladangna tuluy indit. 26  Basa gandumna jaradi jeung ranggeuyan, eurihna ogé milu jaradi. 27  Ku kituna, pagawéna daratang ngabéjaan dununganana, ’Juragan, nu dipelak di ladang téh binih gandum,* pan? Naha atuh bet loba eurihna?’ 28  Manéhna ngajawab, ’Kalakuan musuh ieu mah.’ Pagawé-pagawéna nanya, ’Eurihna rék dicabutan moal?’ 29  Jawabna, ’Ulah, bisi gandumna milu kacabut. 30  Antepkeun wéh sina jaradi bareng nepi ka usum panén. Engké, urang rék nitah ka nu ngala: Kumpulkeun heula eurihna, beungkeutan, tuluy duruk. Gandumna gé kumpulkeun, terus asupkeun ka lumbung.’” 31  Manéhna nyaritakeun deui ibarat séjén, ”Pamaréntahan sorga téh saupama siki sasawi* nu dipelak ku saurang jalma di kebonna. 32  Sanajan sikina téh siki nu pangleutikna, tapi ari geus jadi mah éta bisa ngagedéan, jauh leuwih gedé tibatan sayur-sayuran séjénna, nepi ka siga tangkal. Manuk gé daratang jeung nyayang dina dahan-dahanna.” 33  Manéhna nyaritakeun ibarat séjén, ”Pamaréntahan sorga téh saupama ragi. Ibu-ibu biasana nyampur ragi jeung tilu taker tipung* ngarah adonanana beukah.” 34  Ieu kabéh diajarkeun ku Isa ka jalma réa maké ibarat. Malah manéhna moal ngajar mun teu maké ibarat. 35  Ku kituna, kekecapan nabi téh laksana, nyaéta, ”Urang bakal ngajar maké ibarat, jeung rék nyaritakeun hal-hal nu dirasiahkeun ti mimiti ayana dunya.”* 36  Sanggeus jalma réa dibubarkeun, Isa asup ka imah. Murid-muridna daratang tuluy ngomong, ”Bisa pangnerangkeun naon hartina ibarat eurih di ladang téh?” 37  Manéhna ngajawab, ”Jalma nu nebarkeun binih gandum* téh Putra manusa, 38  ladangna téh dunya. Ari binih gandum nyaéta jalma-jalma nu jadi bagian tina Pamaréntahan Allah, tapi eurih mah jalma-jalma nu nuturkeun si jahat.* 39  Musuh nu nebarkeun eurih nyaéta si Iblis. Usum panén ngagambarkeun panungtungan jaman* ieu, jeung nu ngalana nyaéta para malaikat. 40  Jadi, sakumaha eurih dikumpulkeun tuluy diduruk, nya kitu ogé nu bakal kajadian dina panungtungan jaman* ieu. 41  Putra manusa bakal ngutus para malaikatna, tuluy maranéhna bakal nyingkirkeun ti Pamaréntahanana jalma-jalma nu ngalantarankeun batur nyieun dosa* jeung jalma-jalma nu kalakuanana jahat, 42  tuluy maranéhna dibalangkeun kana pameuleuman. Di dinya maranéhna bakal careurik bari jeung huntuna tingkereket. 43  Harita, jalma-jalma bener bakal cahayaan kawas panonpoé di Pamaréntahan Bapa maranéhna. Nu baroga ceuli, pék déngékeun bener-bener. 44  ”Pamaréntahan sorga téh saupama harta nu kakubur di hiji lahan, kapanggih ku saurang jalma, tuluy disumputkeun deui. Bakating ku bungah, manéhna ngajual sagala pangabogana jeung meuli éta lahan. 45  ”Pamaréntahan sorga ogé saupama tukang nyiar mutiara nu alus. 46  Waktu manggihan hiji mutiara nu luar biasa alusna, manéhna indit ngajual kabéh pangabogana jeung meuli éta mutiara. 47  ”Pamaréntahan sorga ogé saupama jaring gedé nu dipasang di situ. Rupa-rupa lauk kajaring. 48  Sanggeus pinuh, jaringna ditarik ku nalayan ka darat, tuluy maranéhna diuk milihan. Lauk nu alus diwadahan, lauk nu teu bisa didahar dipiceun. 49  Tah, kitu ogé nu bakal kajadian dina panungtungan jaman* ieu. Para malaikat bakal diutus pikeun misah-misahkeun jalma jahat ti jalma bener, 50  tuluy nu jarahat dibalangkeun kana pameuleuman. Di dinya maranéhna bakal careurik bari jeung huntuna tingkereket.” 51  Isa nanya, ”Maranéh paham teu kana hal-hal ieu?” Murid-muridna ngajawab, ”Paham.” 52  Tuluy manéhna ngomong, ”Mun kitu, unggal guru nu geus diajar ngeunaan Pamaréntahan sorga téh saupama nu boga imah nu ngaluarkeun sisimpenanana, boh nu anyar boh nu heubeul.” 53  Sanggeus bérés nyaritakeun ibarat-ibarat éta, Isa indit. 54  Basa nepi di daérah asalna, manéhna ngajar di tempat ibadah. Jalma-jalma haréraneun jeung ngaromong kieu, ”Manéhna téh diajar ku saha sih bisa bijaksana kitu? Jeung dibéré kawasa ku saha nepi ka bisa nyieun mujijat? 55  Lainna si éta téh anak tukang kayu téa? Indungna téh Maryam, pan? Adi-adina téh Yakobus, Yusuf, Simon, jeung Yudas, pan? 56  Adi-adina nu awéwé ogé aya di dieu lain? Jadi, ti mana manéhna bisa siga kitu?” 57  Éta sababna maranéhna teu daék percaya ka Isa. Tapi ceuk Isa, ”Nabi mah di mana-mana gé dihormat. Tapi di lemburna jeung di kulawargana sorangan mah tara dianggap.” 58  Ku kituna, manéhna teu nyieun loba mujijat di dinya lantaran urang dinya teu baroga iman.

Catetan Tambihan

Maksudna, Sétan.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”binih nu alus”.
As. ”binih nu alus”.
Siki nu leutik pisan nu aya di Paléstina. Jangkung tangkalna bisa nepi ka 4 m jeung aya dahan-dahanna.
Atawa ”sapuluh kilo tipung”.
Maksudna, ti saprak turunan Adam jeung Hawa dilahirkeun.
As. ”binih nu alus”.
Maksudna, Sétan.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”titajong”.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.