Nu Ditulis ku Matius 28:1-20
28 Sanggeus liwat poé Sabat, dina poé nu kahiji minggu éta, Maryam Magdaléna jeung Maryam nu hijina deui datang isuk-isuk kénéh ngalongok makam.
2 Saacanna, aya lini gedé lantaran malaikat Yéhuwa turun ti sorga jeung ngagulingkeun batu tutup makam, tuluy diuk dina batu éta.
3 Manéhna cahayaan kawas kilat, jeung pakéanana bodas kawas salju.
4 Nu ngajaraga ngadégdég kasieunan, teu bisa nanaon kawas nu paéh.
5 Tapi, malaikat ngomong ka awéwé-awéwé éta, ”Ulah sieun. Urang nyaho maranéh rék ngalongok Isa nu geus dihukum pati dina tihang.
6 Manéhna geus teu aya deui di dieu, sabab geus dihirupkeun deui sakumaha ceuk manéhna. Sok tingali tempat manéhna digolérkeun.
7 Ayeuna mah geura indit, béjaan murid-muridna, manéhna geus dihirupkeun deui jeung geus indit ti heula ka Galiléa. Engké maranéh bakal panggih di ditu. Inget nya omongan urang.”
8 Jadi, maranéhna buru-buru indit ti makam, bari sieun pacampur jeung bungah nu kacida. Maranéhna lumpat rék ngabéjaan murid-murid.
9 Jol, Isa manggihan maranéhna bari ngucapkeun salam. Maranéhna nyampeurkeun Isa, bruk sujud bari nyekel sukuna.
10 Isa ngomong ka maranéhna, ”Ulah sieun. Jung, béjaan dulur-dulur urang supaya indit ka Galiléa, engké panggih di ditu jeung urang.”
11 Basa awéwé-awéwé éta keur di jalan, sababaraha nu jaraga téa indit ka kota jeung ngalaporkeun kabéh kajadianana ka para imam kapala.
12 Sanggeus para imam badami jeung para pamingpin, prajurit-prajurit éta dibéré loba duit pérak
13 bari dibéjaan, ”Maranéh kudu ngomong kieu, ’Murid-muridna datang peuting-peuting tuluy maling jasadna pas urang keur sararé.’
14 Misalna kadéngé ku gubernur, keun urang nu ngajelaskeun,* maranéh teu kudu hariwang.”
15 Sanggeus duit pérakna dicokot, para prajurit ngalaksanakeun paréntah éta. Carita ti para prajurit nyebar ka mamana di antara urang Yahudi nepi ka kiwari.
16 Ari ka-11 murid mah indit ka hiji gunung di Galiléa nu geus dituduhkeun ku Isa.
17 Barang panggih jeung Isa, maranéhna sujud, tapi aya ogé nu masih kénéh teu yakin.
18 Isa nyampeurkeun jeung ngomong ka maranéhna, ”Kabéh kakawasaan di sorga jeung di bumi geus dipasrahkeun ka urang.
19 Ku sabab éta, datangan jalma-jalma ti sagala bangsa, jaradikeun murid, baptis maranéhna ku ngaran Bapa jeung Putra jeung kawasa suci,
20 ajar maranéhna ngajalankeun kabéh nu geus diparéntahkeun ku urang ka maranéh. Sing inget, maranéh bakal terus disarengan ku urang nepi ka panungtungan jaman* ieu.”