Pamindo 32:1-52

  • Lagu ti Musa (1-47)

    • Yéhuwa, Gunung Batu (4)

    • Urang Israél mopohokeun Gunung Batuna (18)

    • ”Kuring nu boga hak ngabales” (35)

    • ”Hé bangsa-bangsa, sing gumbira bareng jeung umat-Na” (43)

  • Musa bakal maot di Gunung Nébo (48-52)

32  ”Hé langit, déngékeun ucapan kuring.Hé bumi, déngékeun omongan tina biwir kuring.  2  Pituduh kuring bakal turun kawas hujan.Kecap-kecap kuring bakal nyakclakan kawas ciibun,Kawas hujan girimis nu turun kana jujukutan,Kawas hujan ngagebrét nu ngabaseuhan pepelakan.  3  Kuring bakal ngabéwarakeun nami Yéhuwa. Pék caritakeun kahébatan Allah urang sadaya!  4  Anjeunna téh Gunung Batu, tindakana-Na sampurna,Sagala jalan-Na téh adil. Allah nu satia, nu teu pernah beurat sabeulah.Anjeunna bener tur adil.  5  Sabalikna, kalakuan maranéh mah jahat. Maranéh lain anak-anak Allah, éta téh salah sorangan. Maranéh téh génerasi anu jahat jeung sok nipu!  6  Hé jalma bodo jeung teu bijaksana,Kitu carana maranéh ngabales Yéhuwa? Anjeunna téh Bapa maranéh. Maranéh aya téh ku lantaran Anjeunna, pan?Anjeunna nu nyiptakeun maranéh jeung ngajadikeun maranéh hiji bangsa.  7  Inget-inget kajadian jaman baheula,Pikirkeun taun-taun nu geus kaliwat. Pék tanyakeun ka bapa maranéh, pasti dibéjaan.Pék tanyakeun ka para kokolot, pasti dibéré nyaho.  8  Waktu Nu Maha Agung masihan warisan ka bangsa-bangsa,Waktu Anjeunna misah-misahkeun turunan Adam,*Anjeunna netepkeun wates bangsa-bangsa Nurutkeun jumlah turunan Israél.  9  Umat Yéhuwa téh milik-Na.Yakub téh milik Anjeunna. 10  Manéhna kapanggih ku Anjeunna di tanah gurun,Di gurun keusik nu kosong, nu kadéngé sora sato galak babaung. Anjeunna ngajaga tur ngurus manéhna.Anjeunna ngajaga manéhna kawas ka siki mata-Na. 11  Lir heulang nu ngeundeuk-ngeundeuk sayangna,Hiber di deukeut anak-anakna,Mébérkeun jangjangna, nyokot anak-anakna,Mawa anak-anakna dina jangjangna, 12  Nya kitu manéhna* ditungtun ku Yéhuwa nyalira,Teu dibantu ku allah-allah séjénna. 13  Manéhna ku Anjeunna disina ngawasa di tempat-tempat nu luhur di bumi,Ku kituna manéhna bisa ngadahar hasil kebon. Anjeunna méré madu nu kaluar tina gawirJeung minyak nu ngocor tina batu nu teuas, 14  Susu embé jeung susu domba, sarta mantéga tina susu sapi.Anjeunna gé méré domba nu pangalusna,*Domba jalu ti Basyan jeung embé jalu,Sarta gandum nu pangalusna.Anjeunna méré nginum cianggur tina anggur nu diperes. 15  Sanggeus jadi gendut, Yésyurun* kalah ka najong jeung barontak. (Manéh jadi lintuh, gendut, jeung bureuteu.) Manéhna barontak ka Allah nu nyiptakeun manéhnaSarta nyapirakeun Gunung Batu nu nyalametkeun manéhna. 16  Maranéhna ngahudang amarah Allah ku cara nyembah ka allah-allah séjén.Maranéhna nganyenyeri Anjeunna lantaran ngalampahkeun hal-hal pikageuleuheun. 17  Maranéhna ngabaktikeun kurban téh lain ka Allah, tapi ka roh-roh jahat,Ka allah-allah nu teu dikenal ku maranéhna,Ka allah-allah nu anyaran aya,Nu teu dipikawawuh ku karuhunna. 18  Maranéh mopohokeun Gunung Batu maranéh nu jadi bapa maranéh.Maranéh teu inget ka Allah nu méré kahirupan ka maranéh. 19  Ningali kitu, Yéhuwa nolak maranéhna,Lantaran anak-anak Anjeunna, nu awéwé nu lalaki, nganyenyeri haté-Na. 20  Jadi saur Anjeunna, ’Kuring rék miceun beungeut ti maranéhna,Hayang nyaho kumaha panungtungan maranéhna. Sabab maranéhna téh jalma-jalma* anu teu bener,Anak-anak anu teu satia. 21  Maranéhna ngahudang amarah* Kuring ku cara nyarembah ka allah-allah palsu.Maranéhna nganyenyeri haté Kuring ku berhala-berhalana nu teu guna. Jadi, Kuring rék mapanas maranéhna ku bangsa nu lain umat Kuring.Kuring rék nganyerikeun haté maranéhna ku bangsa nu bodo. 22  Amarah Kuring geus ngagedur kawas seuneuNu ngahuru nepi ka Kuburan* nu jero.Éta bakal ngaduruk bumi jeung hasil tanahna,Bakal ngagéhéngkeun dasar gunung-gunung. 23  Maranéhna rék dicehcer ku musibat,Rék dihujanan ku anak panah Kuring. 24  Maranéhna bakal lalungsé bakating ku lapar,Keuna ku muriang nu parah, sarta bakal bener-bener dibasmi. Kuring rék ngadatangkeun sato-sato galak sina ngagalaksak maranéhna,Jeung ngadatangkeun oray matih nu ngaléor dina taneuh. 25  Di luar imah, maranéhna bakal sungkawa ku pedang,Di jero imah, maranéhna bakal loba kasieun,Teu sual jajaka, parawan,Orok, atawa nu kolot. 26  Sabenerna Kuring bisa waé ngomong kieu, ”Maranéhna rék dipaburencaykeun ku KuringNgarah maranéhna teu diinget-inget deui ku jalma-jalma.” 27  Tapi Kuring hariwang, engké musuh bakal ngomong naon,Bisi maranéhna salah sangka. Maranéhna bisi ngomong kieu, ”Urang unggul téh ku kakuatan sorangan,Lain ku lantaran Yéhuwa.” 28  Israél téh bangsa nu teu boga pikiran,*Maranéhna teu boga pangarti. 29  Coba lamun maranéhna bijaksana, ieu pasti dipikirkeun bener-bener. Maranéhna bakal mikirkeun naon balukarna. 30  Piraku saurang bisa ngudag 1.000 urang?Piraku 10.000 urang kabur ku dua urang? Bisa kitu téh lantaran maranéhna geus ditinggalkeun ku Gunung Batuna.Maranéhna ku Yéhuwa geus disérénkeun ka musuh-musuh. 31  (Gunung batu maranéhna teu kawas Gunung Batu urang,Musuh-musuh urang gé nyarahoeun.) 32  Tangkal anggur maranéhna téh asalna ti SodomJeung ti kebon-kebon Gomora. Anggur maranéhna téh anggur nu racunan,Ranggeuyan-ranggeuyanana parait. 33  Cianggur maranéhna kawas peurah oray,Peurah oray kobra anu matih. 34  Kabéh kalakuan maranéhna disimpen ku Kuring,Dikonci di gudang Kuring. 35  Kuring nu boga hak ngabales jeung ngahukumDina waktu nu geus ditetepkeun, nyaéta waktu maranéhna tiseureuleu,Sabab poé maranéhna keuna musibat téh geus téréh,Sarta nu bakal ninggang ka maranéhna téh bakal gancang datang.’ 36  Waktu Anjeunna ningali umat-Na geus leungit kakuatan,Sarta nu nyésa téh kari jalma nu taya daya jeung lemah,Yéhuwa bakal ngaadilan umat-Na,Anjeunna bakal karunya ka hamba-hamba-Na. 37  Seug Anjeunna bakal nyarios, ’Mana allah-allah maranéhna téh,Gunung batu panyalindungan maranéhna, 38  Nu sok ngadahar gajih tina kurban maranéhna,*Nu sok nginum cianggur tina kurban inuman maranéhna? Keun éta allah-allah sina daratang nulungan maranéh, Keun sina jadi panyalindungan maranéh. 39  Ayeuna maranéh nyaho yén Kuring téh Allah,Taya deui Allah salian ti Kuring. Kuring nu maéhan, Kuring nu ngahirupkeun. Kuring nu nyilakakeun, Kuring nu nyageurkeun.Taya nu bisa nyalametkeun saha waé nu aya dina genggeman Kuring. 40  Kuring sumpah ngangkat leungeun ka langit,”Demi diri Kuring nu hirup salawasna”. 41  Lamun Kuring ngasah pedang Kuring nu ngagurilapSarta siap pikeun ngahakiman,Kuring bakal ngabales musuh-musuh KuringSarta ngahukum saha waé nu ngéwa ka Kuring. 42  Anak-anak panah Kuring bakal mabok ku getih,Getih jalma-jalma nu dipaéhan jeung para tawanan.Pedang Kuring bakal ngadahar dagingTina sirah para pamingpin musuh.’ 43  Hé bangsa-bangsa, sing gumbira bareng jeung umat-Na,Sabab Anjeunna bakal mangmaleskeun getih hamba-hamba-Na.Anjeunna bakal ngabales musuh-musuh-Na.Anjeunna gé bakal nyucikeun tanah umat-Na.” 44  Musa jeung Hosyéa* anak Nun ngucapkeun sakabéh eusi éta lagu di hareupeun sakumna bangsa Israél. 45  Sanggeus Musa nepikeun éta kekecapan ka sakabéh urang Israél, 46  manéhna ngomong kieu, ”Sakabéh pépéling nu ditepikeun ku kuring poé ieu téh simpen dina haté maranéh, supaya maranéh bisa ngajar anak-anak maranéh pikeun ngajalankeun sakabéh kekecapan dina ieu Torét. 47  Sabab ieu kekecapan téh lain omong kosong, ieu téh jalan pihirupeun maranéh. Ku ieu kekecapan, maranéh bisa panjang umur di tanah nu rék direbut ku maranéh di peuntaseun Walungan Yordan.” 48  Dina poé éta kénéh, Yéhuwa nitah kieu ka Musa, 49  ”Jung naék ka Pagunungan Abarim, ka Gunung Nébo, nu aya di tanah Moab, nu nyanghareup ka Yérikho. Pék tempo tanah Kanaan, nu rék dibikeun ku Kuring ka urang Israél pikeun dipimilik. 50  Engké di dinya, manéh bakal maot tuluy dikuburkeun cara karuhun manéh, sakumaha Harun lanceuk manéh nu maot di Gunung Hor tuluy dikuburkeun cara karuhunna. 51  Éta téh lantaran di tengah-tengah urang Israél, maranéh duaan teu satia ka Kuring. Basa di Cinyusu Mériba, di Kadés, di Tanah Gurun Zin, maranéh duaan teu ngamulyakeun Kuring di hareupeun urang Israél. 52  Manéh bakal nempo éta tanah ti kajauhan, tapi moal asup ka éta tanah nu rék dibikeun ku Kuring ka urang Israél.”

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi ”umat manusa”.
Nyaéta Yakub.
As. ”gajih domba jalu”.
Hartina ”Jalma Bener”, gelaran kahormatan keur Israél.
Atawa ”génerasi”.
Atawa ”Maranéhna mapanas”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa bisa jadi ”nu torék waktu dibéré naséhat”.
Atawa ”ngadahar kurban maranéhna nu pangalusna”.
Ngaran aslina Yosua. Hosyéa téh singgetan tina Hosyaya, nu hartina ”Disalametkeun ku Yah; Yah Geus Nyalametkeun”.