Pamindo 4:1-49
4 ”Hé Israél, déngékeun aturan jeung putusan hukum nu rék diajarkeun ku kuring ka maranéh. Turutkeun éta kabéh, ngarah maranéh hirup sarta asup jeung ngarebut tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah karuhun maranéh.
2 Pituduh ti kuring ulah ditambahan ulah dikurangan. Lampahkeun paréntah Yéhuwa Allah maranéh nu ditepikeun ku kuring ka maranéh.
3 ”Maranéh geus nempo sorangan naon nu dilampahkeun ku Yéhuwa dina kajadian Baal Péor. Yéhuwa Allah maranéh ngabasmi kabéh nu nyembah ka Baal Péor.
4 Tapi, maranéh nu tetep satia ka Yéhuwa Allah maranéh mah hirup kénéh nepi ka ayeuna.
5 Kuring geus ngajarkeun aturan jeung putusan hukum ka maranéh, sakumaha paréntah Yéhuwa Allah kuring, ngarah bisa dijalankeun ku maranéh di nagri nu bakal direbut.
6 Lampahkeun sing enya-enya, sabab bakal katempo ku jalma-jalma nu ngadéngé ngeunaan kabéh aturan ieu yén maranéh téh bijaksana jeung boga pangarti. Maranéhna bakal ngomong, ’Ieu bangsa nu gedé téh nya bijaksana nya boga pangarti.’
7 Mémangna aya bangsa gedé nu allahna raket ka umatna saperti Yéhuwa Allah urang? Iraha waé urang sasambat ménta tulung, dijawab ku Anjeunna.
8 Bangsa séjén rék sakumaha gedéna gé, aya kitu nu boga aturan nu adil jeung putusan hukum kawas sakabéh Torét nu ditepikeun ku kuring poé ieu?
9 ”Sing ati-ati, jaga, sangkan maranéh henteu mopohokeun naon waé nu geus kasaksian ku panon sorangan. Éta kabéh kudu terus aya dina haté maranéh saumur hirup. Caritakeun ogé ka anak incu.
10 Dina poé maranéh nangtung di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh di Horéb, Yéhuwa nitah kieu ka kuring, ’Kumpulkeun jalma-jalma ka Kuring, supaya Kuring bisa méré nyaho ucapan Kuring ka maranéhna. Ku kituna, maranéhna bisa diajar pikeun hormat* ka Kuring sapanjang hirupna di bumi sarta bisa ngajar anak-anakna.’
11 ”Jadi, maranéh daratang tuluy narangtung di suku gunung. Éta gunung téh hurung ku seuneu, seuneuna ngagedur nepi ka langit. Harita téh poék, katutup ku méga* hideung.
12 Geus kitu, Yéhuwa nyarios ka maranéh tina éta seuneu. Maranéh ngadéngé kekecapana-Na tapi teu ningali wujud-Na, ngan ngadéngé sora-Na hungkul.
13 Anjeunna méré nyaho perjangjiana-Na ka maranéh, nyaéta Sapuluh Paréntah. Anjeunna geus maréntahkeun sangkan éta dijalankeun ku maranéh. Geus kitu, éta ditulis ku Anjeunna dina dua papan batu.
14 Harita, Yéhuwa maréntahkeun kuring pikeun ngajarkeun aturan jeung putusan hukum nu kudu dijalankeun di nagri nu bakal dijugjug jeung dipimilik ku maranéh.
15 ”Dina poé Yéhuwa nyarios ka maranéh dina seuneu di Horéb, maranéh teu ningali wujud-Na. Jadi kadé,
16 ulah nyarieun pidosaeun, ulah nyarieun patung dina rupa naon baé, nu wujudna lalaki atawa awéwé,
17 sasatoan nu aya di darat atawa manuk-manuk di langit,
18 sasatoan nu ngarayap dina taneuh atawa lauk di jero cai.
19 Salian ti éta, waktu maranéh tanggah ka langit tuluy ningali panonpoé, bulan, jeung béntang, sagala nu aya di langit, ulah kagoda pikeun sujud jeung nyembah nu karitu. Éta kabéh ku Yéhuwa Allah maranéh diciptakeun téh keur sakabéh bangsa di bumi.
20 Maranéh téh jalma-jalma nu ku Yéhuwa dibawa budal ti tempat pangleburan beusi,* nyaéta Mesir, pikeun dijadikeun umat milik-Na, sakumaha poé ieu.
21 ”Gara-gara maranéh, Yéhuwa jadi ambek ka kuring. Anjeunna sumpah yén kuring moal meuntasan Yordan atawa asup ka nagri nu alus, nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh ka maranéh sabagé warisan.
22 Kuring bakal maot di ieu tanah, moal meuntasan Yordan. Tapi, maranéh bakal meuntas jeung ngarebut nagri nu alus éta.
23 Kadé, ulah nepi ka poho kana perjangjian nu geus dijieun ku Yéhuwa Allah maranéh jeung maranéh. Maranéh gé ulah nyieun patung dina rupa naon baé. Éta téh dilarang ku Yéhuwa Allah maranéh.
24 Yéhuwa Allah maranéh téh lir seuneu nu ngalebur. Anjeunna ménta maranéh ngan ngabdi ka Anjeunna hungkul.
25 ”Lamun maranéh geus lila matuh di éta nagri, seug boga anak incu, terus maranéh ngalampahkeun dosa ku cara nyieun patung dina rupa naon baé sarta ngalampahkeun nu jahat di payuneun Yéhuwa Allah maranéh nepi ka nganyenyeri Anjeunna,
26 poé ieu langit jeung bumi jadi saksi yén maranéh pasti bakal gancang musna ti tanah nu direbut ku maranéh sanggeus meuntasan Yordan. Maranéh moal lila matuh di ditu, maranéh pasti bakal dimusnakeun.
27 Yéhuwa bakal ngaburencaykeun maranéh di antara bangsa-bangsa. Sanggeus maranéh diusir ku Yéhuwa, ngan saeutik nu bakal salamet di antara bangsa-bangsa.
28 Di ditu, maranéh bakal nyembah ka allah-allah tina kai jeung batu jieunan manusa, allah-allah nu teu bisa nempo, ngadéngé, dahar, atawa ngambeu.
29 ”Tapi, lamun di ditu maranéh néangan deui Yéhuwa Allah maranéh sarta néangan pituduh Anjeunna ku sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa,* Anjeunna tangtu bakal narima maranéh.
30 Lamun engké éta kabéh geus kaalaman ku maranéh, seug maranéh jadi sangsara pisan, maranéh pasti bakal balik deui ka Yéhuwa Allah maranéh jeung nurut kana ucapan Anjeunna.
31 Yéhuwa Allah maranéh téh Allah nu welas asih. Anjeunna moal ninggalkeun maranéh, atawa ngantep maranéh musna, atawa mopohokeun perjangjian nu dijieun ku Anjeunna jeung karuhun maranéh.
32 ”Ayeuna, sok pikirkeun jaman baheula saacan maranéh aya, ti poé Allah nyiptakeun manusa di bumi. Téangan ti tungtung langit beulah dieu nepi ka tungtung langit beulah ditu, pernah teu aya kajadian nu hébat kawas kieu? Pernah teu aya jelema nu ngadéngé kajadian kawas kieu?
33 Aya teu bangsa nu saperti maranéh, nu ngadéngé sora Allah tina seuneu, tapi teu maot?
34 Mémangna Allah pernah milih hiji bangsa ti bangsa-bangsa séjén pikeun jadi milik-Na? Pernah teu Anjeunna perang, ngahukum, némbongkeun tanda-tanda jeung mujijat-mujijat, nunjukkeun kawasa-Na nu gedé jeung kakuatana-Na nu hébat, sarta ngalampahkeun hal-hal nu pikasieuneun, sakumaha nu dilampahkeun ku Yéhuwa Allah maranéh demi maranéh di Mesir, di hareupeun panon maranéh pisan?
35 Anjeunna némbongkeun éta kabéh ka maranéh supaya maranéh nyaho yén Yéhuwa téh Allah nu sajati. Teu aya allah séjén salian ti Anjeunna.
36 Anjeunna nyarios ka maranéh ti sorga pikeun mapatahan maranéh. Di bumi, maranéh ku Anjeunna disina ningali seuneu Anjeunna nu gedé. Maranéh ngadéngé firman-Na tina éta seuneu.
37 ”Ku sabab nyaah ka karuhun maranéh sarta geus milih turunanana, Anjeunna nyarengan maranéh waktu maranéh dibudalkeun ti Mesir ku kakuatana-Na nu gedé.
38 Bangsa-bangsa nu leuwih gedé jeung leuwih kuat tibatan maranéh ku Anjeunna disingkirkeun ti hareupeun maranéh ngarah maranéh bisa asup ka dinya, tuluy éta nagri bisa dibikeun ka maranéh jadi warisan, sakumaha poé ieu.
39 Nu matak, poé ieu sing aringet, ulah nepi ka paroho yén Yéhuwa téh Allah nu sajati di langit jeung di bumi, teu aya nu séjén.
40 Maranéh kudu terus ngajalankeun aturan jeung paréntah Anjeunna nu ditepikeun ku kuring poé ieu, ngarah maranéh jeung turunan maranéh diberkahan. Ku kituna, maranéh bisa matuh lila di nagri nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh.”
41 Harita, Musa milih tilu kota di wétaneun Walungan Yordan.
42 Lamun aya nu teu kahaja maéhan batur, padahal saacanna manéhna teu ngéwa ka éta jalma, manéhna kudu kabur ka salah sahiji kota éta supaya tetep hirup.
43 Kota nu dipilih keur kaom Rubén téh nyaéta kota Bézér di tanah gurun, di dataran luhur. Kota nu dipilih keur kaom Gad téh nyaéta kota Ramot di Giléad. Kota nu dipilih keur kaom Manasyé téh nyaéta kota Golan di Basyan.
44 Ieu Torét nu ditepikeun ku Musa ka urang Israél.
45 Ieu pépéling, aturan, jeung putusan hukum nu ditepikeun ku Musa ka urang Israél sanggeus maranéhna budal ti Mesir,
46 waktu maranéhna keur aya di deukeut Walungan Yordan, di lebak hareupeun Bét-péor, di nagri Sihon raja urang Amori nu matuh di Hésbon, nu diéléhkeun ku Musa jeung urang Israél sanggeus budal ti Mesir.
47 Maranéhna ngarebut nagrina Sihon jeung nagrina Og raja Basyan, nyaéta dua raja urang Amori nu matuh di wétaneun Walungan Yordan,
48 ti Aroér, nu aya di sisi Lebak* Arnon, nepi ka Gunung Sion, nyaéta Hérmon,
49 kaasup sakuliah Araba di wétaneun Walungan Yordan nepi ka Laut Araba,* nu aya di suku lamping* Pisga.
Catetan Tambihan
^ As. ”sieun”.
^ Atawa ”awan”.
^ Ieu ngagambarkeun kasangsaraan nu kacida.
^ Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”Wadi”.
^ Nyaéta Laut Uyah, atawa Laut Paéh.
^ Atawa ”léréng”.