Nu Ditulis ku Yahya 3:1-36

  • Isa jeung Nikodémus (1-21)

    • Dilahirkeun deui (3-8)

    • Allah nyaah ka dunya (16)

  • Kasaksian Yahya nu panungtungan ngeunaan Isa (22-30)

  • Nu asalna ti luhur (31-36)

3  Aya urang Farisi nu ngaranna Nikodémus. Manéhna téh pamingpin urang Yahudi. 2  Manéhna datang peuting-peuting ka Isa jeung ngomong, ”Rabi,* urang kabéh apal Rabi téh guru nu diutus ku Allah, sabab euweuh nu bisa nyieun mujijat-mujijat siga kitu lamun teu disarengan ku Allah.” 3  Isa ngajawab, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, lamun saurang jalma teu dilahirkeun deui,* manéhna moal bisa asup ka Pamaréntahan Allah.” 4  Ceuk Nikodémus, ”Kumaha carana jelema nu geus déwasa dilahirkeun deui? Manéhna moal bisa pan asup ka kandungan indungna tuluy dilahirkeun deui?” 5  Isa ngajawab, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, lamun saurang jalma teu dilahirkeun tina cai jeung kawasa suci, manéhna moal bisa asup ka Pamaréntahan Allah. 6  Naon nu dilahirkeun ti manusa téh nyaéta manusa, jeung naon nu dilahirkeun ti kawasa suci téh nyaéta putra Allah. 7  Ulah héran lamun urang ngomong maranéh kudu dilahirkeun deui. 8  Angin niup ka mana waé karepna, manéh gé ngadéngé sorana, tapi manéh teu nyaho ti mana datangna jeung ka mana inditna. Kitu ogé jeung jalma nu dilahirkeun ti kawasa suci.” 9  Ku kituna, Nikodémus nanya, ”Kumaha bisa kitu?” 10  Isa ngajawab, ”Manéh téh pan guru di Israél, piraku teu ngarti? 11  Urang ngomong nu sabener-benerna, urang kabéh geus nyaritakeun naon nu dipikanyaho jeung geus méré kasaksian ngeunaan naon nu ditingali, tapi maranéh teu narima kasaksian urang. 12  Lamun urang nyaritakeun hal-hal nu aya di dunya gé manéh teu percaya, komo deui lamun urang nyaritakeun hal-hal nu aya di sorga. 13  Salian ti éta, can aya nu pernah naék ka sorga, iwal ti Putra manusa nu turun ti sorga. 14  Jeung, siga oorayan nu digantung dina tihang ku Musa basa di gurun keusik, kitu ogé Putra manusa kudu digantung, 15  supaya kabéh nu percaya ka manéhna bisa meunangkeun hirup langgeng. 16  ”Allah nyaah pisan ka dunya ieu nepi ka masrahkeun Putra hiji-hijina,* supaya unggal jalma nu boga iman ka manéhna moal binasa tapi bisa meunangkeun hirup langgeng. 17  Sabab Allah ngutus Putra-Na ka dunya téh lain keur ngahakiman dunya, tapi supaya dunya disalametkeun ku jalan manéhna. 18  Saha waé nu boga iman ka manéhna moal dihakiman. Tapi, saha waé nu teu boga iman ka manéhna geus dihakiman, sabab teu boga iman ka ngaran Putra Allah nu ngan hiji-hijina. 19  Tah ieu dasar keur ngahakiman téh: caang geus datang ka dunya, tapi manusa resepna téh kana poék lainna caang, sabab kalakuanana jarahat. 20  Saha waé nu osok ngalampahkeun nu jahat teu resepeun ka caang jeung embung nyampeurkeun caang, da sieun kalakuanana kanyahoan.* 21  Tapi saha waé nu ngalampahkeun nu bener, nyampeurkeun caang ngarah jelas yén kalakuanana sajalan jeung kahayang Allah.” 22  Geus kitu, Isa jeung murid-muridna indit ka kampung-kampung di Yudéa. Manéhna jeung murid-muridna cicing di dinya sarta ngabaptis jalma-jalma. 23  Tapi, Yahya gé ngabaptis di Aénon deukeut Salim lantaran di dinya loba caina. Jalma-jalma terus daratang rék dibaptis ku manéhna. 24  Harita, Yahya can dipanjarakeun. 25  Murid-murid Yahya paadu omong jeung saurang Yahudi ngeunaan upacara nyucikeun diri. 26  Geus kitu, maranéhna nyampeurkeun Yahya jeung ngomong, ”Rabi, jalma nu pernah dicaritakeun ku Rabi, nu ngadatangan Rabi di peuntaseun Walungan Yordan, ayeuna ngabaptis jalma-jalma jeung kabéh daratang ka manéhna.” 27  Yahya ngajawab, ”Jalma moal narima nanaon lamun teu dibéré ku Allah. 28  Maranéh ngadéngé sorangan pan basa urang ngomong, ’Urang lain Al-Masih, tapi diutus miheulaan manéhna.’ 29  Pangantén awéwé téh milikna pangantén lalaki. Ari sobatna pangantén lalaki mah nangtung di gigireun manéhna jeung bungah pisan ngadéngé omongan manéhna. Nya sarua, urang gé ngarasa bungah pisan. 30  Nu dilakukeun ku Al-Masih bakal beuki loba, tapi nu dilakukeun ku urang bakal beuki saeutik.” 31  Nu asalna ti luhur mah leuwih unggul tibatan nu séjén. Nu asalna ti bumi ngomongkeun hal-hal nu aya di bumi sabab asalna ti bumi. Nu asalna ti sorga leuwih unggul tibatan nu séjén. 32  Manéhna méré kasaksian ngeunaan naon nu ditingali jeung didéngé ku manéhna, tapi euweuh nu percayaeun. 33  Saha waé nu percaya kana kasaksianana bakal ngaku* Allah téh bener. 34  Putra nu diutus ku Allah nepikeun kekecapan Allah, sabab Anjeunna henteu lebar* méré kawasa suci-Na. 35  Bapa téh nyaah ka Putra jeung masrahkeun sagalana ka Putra. 36  Saha nu boga iman ka Putra bakal meunangkeun hirup langgeng, tapi saha nu teu taat ka Putra moal meunangkeun hirup. Allah bakal terus ambek ka manéhna.

Catetan Tambihan

Atawa ”Guru”.
Atawa bisa jadi, ”dilahirkeun ti sorga”.
Atawa ”Putra hiji-hijina nu diciptakeun ku Allah”.
Atawa ”dicela”.
As. ”napelkeun ségel yén”.
Atawa ”diukur-ukur”.