TETEP TABAH WAKTU DITINGGAL MAOT
Saran-Saran keur Nu Sungkawa—Nu Bisa Dilakukeun
Aya loba saran pikeun ngurangan kasedih. Tapi, lantaran kasedih nu dirasakeun ku unggal jalma téh béda-béda, cara nyanghareupanana gé pasti béda-béda. Cara nu cocog keur batur can tangtu cocog keur urang.
Najan kitu, aya saran-saran nu geus kabukti méré mangpaat keur loba jalma. Saran-saran éta gé sok disebutkeun ku para ahli sarta cocog jeung naséhat-naséhat bijak nu aya dina buku nu bisa dipercaya, nyaéta Alkitab.
1: PÉK TARIMA BANTUAN TI KULAWARGA JEUNG BABATURAN
-
Para ahli satuju yén ieu téh cara nu pangpentingna supaya urang henteu teterusan sedih. Tapi, sakapeung mah urang meureun hayang nyorangan. Malah, bisa waé urang ngarasa kaganggu mun aya nu rék ngabantu. Parasaan siga kitu téh wajar.
-
Ulah maksakeun diri mun keur embung dibaturan, tapi ulah ogé ngajauhan batur. Bisa waé, ka hareupna urang butuh bantuan maranéhna. Jadi ku cara nu sopan, pék béjaan batur naon waé anu dibutuhkeun jeung henteu dibutuhkeun ku urang.
-
Gumantung kaayaan urang, pék atur waktu pikeun babarengan jeung batur sarta pikeun nyorangan.
NASÉHAT BIJAK: ”Digawe duaan leuwih hade ti batan sorangan . . . Mun anu saurang labuh tangtu ditulungan ku anu saurang deui, dihudangkeun.”—Pandita 4:9, 10.
2: DAHAR DAHAREUN ANU SÉHAT JEUNG OLAHRAGA
-
Dahareun anu séhat téh bisa ngabantu urang ngurangan strés. Pék dahar bubuahan, sayur-sayuran, jeung protéin nu rendah lemak.
-
Ulah poho nginum loba cai jeung inuman séhat, siga jus buah jeung sayur.
-
Lamun urang teu napsu dahar, pék coba dahar saeutik-saeutik tapi mindeng. Urang gé bisa ménta saran ka dokter ngeunaan suplemén anu cocog. a
-
Leumpang jeung olahraga séjénna téh bisa ngabantu urang ngarasa leuwih tenang. Olahraga gé bisa ngabantu urang supaya teu teterusan mikiran nu sedih-sedih.
NASÉHAT BIJAK: ”Euweuh jalma nu ngéwa ka awakna. Sabalikna, awakna téh dibéré dahar jeung dipikanyaah.”—Éfésus 5:29.
3: KUDU CUKUP SARÉ
-
Saré téh penting sabab jalma nu keur sedih téh sok gampang capé.
-
Ulah loba teuing nginum inuman anu aya kaféin atawa aya alkoholna, engké urang jadi hésé saré.
NASÉHAT BIJAK: ”Leuwih hadé istirahat sakeudeung tibatan durduran digawé jeung ngudag angin.”—Pandita 4:6, Terjemahan Dunia Baru [NW].
4: ULAH MAKSAKEUN DIRI
-
Unggal jalma boga cara nu béda-béda pikeun ngungkabkeun kasedihna. Jadi urang kudu apal naon cara nu panghadéna pikeun nyanghareupan kasedih urang.
-
Aya nu ngarasa leuwih tenang sanggeus nyaritakeun parasaanana ka batur. Tapi, aya ogé nu henteu ngarasa siga kitu. Lamun urang hayang nyaritakeun parasaan urang ka batur tapi masih kénéh asa-asa, pék coba ungkabkeun parasaan urang saeutik-saeutik ka sobat urang.
-
Sababaraha jalma ngarasa leuwih plong sanggeus ceurik, tapi aya ogé nu bisa ngarasa leuwih tenang sanajan teu ceurik.
NASÉHAT BIJAK: ”Haté apal kana kasedihna sorangan.”—Siloka 14:10, NW.
5: ULAH NGARUKSAK KASÉHATAN
-
Aya nu ngabangbrangkeun kasedihna ku cara nginum alkohol atawa maké narkoba. Hal nu siga kitu téh kalah ka ngaruksak kaséhatan. Bisa jadi awalna urang ngarasa tenang, tapi éta téh keur saheulaanan hungkul. Pék téangan cara séjénna pikeun nenangkeun diri.
NASÉHAT BIJAK: ”Hayu urang bersihkeun naon waé nu ngotoran awak jeung pikiran urang.”—2 Korintus 7:1.
6: TÉANGAN KAGIATAN SÉJÉN
-
Téangan kagiatan nu bisa dilakukeun sangkan urang henteu terus mikirkeun hal-hal nu matak sedih.
-
Urang bisa néangan babaturan anyar, ngadeukeutkeun diri jeung sobat, ulin bareng, atawa diajar katarampilan anyar.
-
Lila-lila kasedih urang bakal ngurangan. Urang gé moal teterusan inget ka hal nu sedih.
NASÉHAT BIJAK: ”Sagala perkara di dunya aya waktuna. . . . Aya waktuna susah, aya waktuna bungah. Aya waktuna nguyung, aya waktuna igel-igelan.”—Pandita 3:1, 4.
7: TERUS GAWÉKEUN KAGIATAN SAPOPOÉ
-
Sabisa-bisa, pék geura gawékeun kagiatan sapopoé deui.
-
Mun urang tetep ngalakukeun kagiatan sapopoé, saperti saré, digawé, jeung kagiatan séjénna, urang bakal jadi sumanget deui.
-
Mun urang rutin ngalakukeun kagiatan anu aya mangpaatna, kasedih urang bakal ngurangan.
NASÉHAT BIJAK: ”Manéhna moal pati mikiran teuing poé-poé kahirupanana, sabab ku Allah disina sibuk ku hal-hal nu matak senang.”—Pandita 5:20, NW.
8: ULAH GURUNGGUSUH MUTUSKEUN HAL NU PENTING
-
Kalolobaan jalma téh sok kaduhung lantaran maranéhna gurunggusuh mutuskeun hal nu penting waktu keur sungkawa.
-
Lamun bisa mah dagoan heula sababaraha waktu sateuacan urang mutuskeun pikeun pindah imah, ganti pagawéan, atawa miceun barang-barangna jalma nu ngantunkeun.
NASÉHAT BIJAK: ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil. Bari gurunggusuh mah beubeunanganana moal sabaraha.”—Siloka 21:5.
9: TERUS INGET JALMA NU DIPIKANYAAH
-
Loba jalma ngarasa nginget-nginget hal nu éndah ngeunaan kulawarga atawa sobat nu ngantunkeun téh aya mangpaatna.
-
Urang bisa nyimpen poto atawa barang-barang nu ngingetkeun urang ka jalma nu ngantunkeun. Urang gé bisa nuliskeun pangalaman-pangalaman nu éndah pikeun diinget deui.
-
Engké mun urang geus tenang sarta mun urang sono, urang bisa ningali deui barang-barang éta.
NASÉHAT BIJAK: ”Inget-inget nu katukang, jaman baheula.”—Pamindo 32:7.
10: JALAN-JALAN
-
Rencanakeun liburan.
-
Mun urang teu bisa liburan lila-lila, meureun urang bisa ngalakukeun hal-hal nu pikaresepeun pikeun sapoé atawa dua poé, saperti naék gunung, ulin ka pantai, taman, atawa ka tempat-tempat séjénna.
-
Ngalakukeun kagiatan nu béda ti biasana téh bisa ngurangan kasedih urang.
NASÉHAT BIJAK: ”Hayu urang indit heula ka tempat nu sepi ngarah bisa istirahat sakeudeung.”—Markus 6:31.
11: BANTU BATUR
-
Sing inget, lamun urang ngabantu batur, sabenerna urang gé bakal meunang mangpaat. Urang bakal leuwih bagja.
-
Urang bisa ngahibur anggota kulawarga séjén atawa batur nu sedih lantaran dikantunkeun ogé.
-
Waktu urang nulungan jeung ngahibur batur, urang téh jadi ngarasa puas jeung bagja. Urang bisa sumanget deui.
NASÉHAT BIJAK: ”Leuwih bagja méré tibatan nampa.”—Kisah 20:35.
12: PIKIRKEUN DEUI NAON NU BENER-BENER PENTING
-
Waktu urang ngalaman kasedih lantaran dikantunkeun, urang jadi sadar kana naon nu bener-bener penting dina kahirupan.
-
Ieu téh waktu pikeun mikirkeun deui kumaha cara hirup urang salila ieu.
-
Tuluy, jieun parobahan nu dibutuhkeun.
NASÉHAT BIJAK: ”Mending indit ka nu kapapatenan ti batan ka nu hajat, malak mandar urang teh anu hirup keneh eling, yen umur urang oge didago-dago ku ajal.”—Pandita 7:2.
Mémang, teu aya anu bisa bener-bener ngaleungitkeun kasedih nu dirasakeun ku urang. Bisa jadi aya saran-saran séjén anu teu dibahas dina artikel ieu. Tapi mun urang nyobaan sababaraha saran nu geus disebutkeun tadi, mugia urang jadi leuwih tabah.
a Majalah Éling! henteu ngiklankeun parawatan kaséhatan.