Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Tanah geus ngaluarkeun hasil. Allah, Allah urang, geus ngaberkahan.”​—JABUR 67:7

Tarima Berkah-Berkah ti Gusti Nu Nyipta

Tarima Berkah-Berkah ti Gusti Nu Nyipta

Gusti jangji ka Nabi Ibrahim yén salah sahiji turunan Ibrahim bakal mawa berkah keur ”bangsa-bangsa saalam dunya”. (Kajadian 22:18) Saha nu dimaksud téh?

Ampir 2.000 taun ka tukang, Gusti masihan kawasa ka saurang turunan Ibrahim, nyaéta Nabi Isa, pikeun nyieun mujijat-mujijat nu luar biasa. Mujijat-mujijat éta nunjukkeun yén Nabi Isa nu bakal mawa berkah keur bangsa-bangsa.​—Galata 3:14.

Tina mujijat-mujijat éta, jalma-jalma jadi apal yén Nabi Isa téh pribadi nu dipilih ku Gusti pikeun mawa berkah keur manusa. Jalma-jalma gé jadi apal berkah naon waé nu bakal dipasihkeun ku Gusti ka manusa. Perhatikeun kumaha mujijat-mujijat Nabi Isa nunjukkeun sipat-sipatna nu hadé.

Lemah lembut—Nabi Isa nyageurkeun nu gering.

Hiji poé, aya jalma nu keuna panyakit kulit nu parah ménta tulung ka Nabi Isa, hayang dicageurkeun. Nabi Isa nyabak manéhna, terus ngomong, ”Heug, geura cageur.” Harita kénéh, les panyakitna leungit.​—Markus 1:40-42.

Béréhan—Nabi Isa méré dahar nu lapar.

Nabi Isa teu téga ningali jalma-jalma kalaparan. Teu ngan sakali anjeunna nyieun mujijat pikeun méré dahar rébuan jalma, ngan ku sababaraha roti jeung lauk leutik. (Mateus 14:17-21; 15:32-38) Jalma-jalma dahar nepi ka sareubeuh. Terus, sésa dahareunana téh loba pisan.

Karunyaan—Nabi Isa ngahirupkeun deui nu maot.

Aya saurang randa nu ngan boga hiji putra, tapi putrana maot. Randa éta geus teu boga sasaha deui. Lantaran ”kacida welaseuna-Na”, Nabi Isa ngahirupkeun deui putrana.​—Lukas 7:12-15.